Pages - Menu

Minggu, 30 September 2012

Paanggang Raga


Katineung nu nonggongan peuting, 
geusan simpe dina bangbaluh hate. 
Ka mana panon nu mindeng suub ku kaheman, 

kadupak samagaha lantaran pajauh raga.
Nu lungse ku katresna
ngan ukur nyiruruk dina kuwung-kuwung bentang,
neang nu anggang teu kagupay ku panyawang.

-Lis-


(Banceuy, 19 September 2012) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar