Keur, Dede Rohyan
Ngagadékeun haté na calacah wakil katugenah
Mangsa urang nyangsaya di juru kafé
Rolling Stone notoskeun simpe nu meh bedah
Peuting dicangkalak sagelas wiski
Makna ucap paburisat laluncatan
Tina sirah nu ngan saukur sabeulah
Sanajan batin peurih di turih kasedih
Kuring tetep micinta ajeun ku sagelas wiski
Na kaca jandela ngalokat sajarah
Ngitung deui poé-poé katukang nu méh poho
Ngimpi kamari geuning katunung wanci
Nu beuki ngéléséd ka lebah janari
Rolling Stone notoskeun simpe nu meh bedah
Peuting dicangkalak sagelas wiski
Makna ucap paburisat laluncatan
Tina sirah nu ngan saukur sabeulah
Sanajan batin peurih di turih kasedih
Kuring tetep micinta ajeun ku sagelas wiski
Na kaca jandela ngalokat sajarah
Ngitung deui poé-poé katukang nu méh poho
Ngimpi kamari geuning katunung wanci
Nu beuki ngéléséd ka lebah janari
(Tatang Pahat, Banceuy, 24 September 2012)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar